Syairan Santri Salafi - Lirik Pengorbanan Cinta


Channel santri assanjuri menyajikan berbagai karya santri salafi , mulai dari syairan islami , syairan cinta , bahkan kami menyediakan video bait bait puisi indah puisi cinta puisi islami. Yang di padukan dengan gaya sastra arab dan indonesia..

Bagi santriwan santriwati yang mempunyai karya dan ingin di publikasikan di channel ini, bisa menghubungi admin.
_________________________________________
Follow skun social media kami :
Intagram. : @santri_assanjuri

Terima kasih atas dukungan teteh - teteh dan amang amang santri yang setia dengan channel santri assanjuri. 

Lirik Santri Salafi - Pengorbanan Cinta

Kasedih abdi ayeuna
Ditulis kana syaiarna
Kecewa rasana badag
Narima henteu narima

Sapalih lembaran kisah
Hidup abdi anu susah
Hese bahagiana manah
Pengorbanan anu musnah

Kecewa abdi kecewa
Di nyeyeri ku anjeuna
Ngorbankeun tanaga raga
Jang anjeun nu di kobongna

Jauh pisan caritana
Tos kaliwat lalakona
Ngan bakat masih narima
Anjeun nyodetkeun luka

Di awal urng hubungan
Bingah pisan kaalaman
Abdi rido ngamodalan
Keur anjeun di pasantrena

Dugi ka abdi ngelehan
Abdi lierun masntrena
Di keluarga tuntutan
Rama tos teu nganafkahan

Bakat cinta dina ati
Kakeluarga di bumi
Sakalieun ninggal rizqi
Jang anjeun nu ekeur ngaji

Selang beberapa bulan
Urang ngajalin hubungan
Karasa taya hambatan
Abdi siap di tarosan

Memang tos lain jidona
Urng teu aya takdir
Putus hubungan cintana
Wasilah salah anjeuna

Teu nyangki pisan abdi
Kaanjeun pujaan hati
Salami abdi keur kuli
Anjeun teh sobat sim abdi

Aya tali percintaan
Ngajalin hiji hubungan
Hate kula jejeritan
Bakat nyeri teu katahan

Segala pengorbananku
Kau anggap angin berlalu
Susah payah di hidupku
Kau tak peduli padaku

Niat alus kahalangan
Kahalang ku kanyeriyan
Abdi jiga ka edanan
Anjeun nu teu ngahargaan

Abdi kur jalmi biasa
Taya daya jg upaya
Rasa nyeri dina dada
Masih manjeg ka ayeuna

Abdi nu gampang ditipu
Abdi nu gampang karayu
Gaya loe guna parasmu
Nyieun abdi tunduk layu

Anjeun teu gaduh emutan
Anjeun teu gaduh prasaan
TEu panteus mikanyaahan
Jalma tukang khiyanatan

Sanes masalah biaya
Hal eta teu sabaraha
Nu bangeut matak nyerina
Kanyaah nu di piceuna

Tungtungna teh abdi pundung
Bakat ku bangeut kaduhung
Sedihna teu manggih tungtung
Abdi ayeuna merenung

Kahade ka para santri
Masing bisa ngamal ilmi
Ulah sampai ka alami
Hikayatna diri abdi

1 komentar: